Saturday, January 5, 2019

Dongeng Bahasa Sunda (JURIG TANGKAL CARINGIN)


JURIG TANGKAL CARINGIN
karya : Dari Rizqi Mulyana

   Dikampung Sukamarni,  tepatna di kebon Cina,  aya hiji tangkal caringin anu kacida gedena. Mitosna eta tangkal teh ceuk warga dinyamah,  unggal tengah peuting sok aya nu ngagantung wew gombel nu buukna ngarumbay panjang. 
   Dina hiji waktu, Pak Rahmat jeung Pak Didi kabagean piket ngaronda. Eta tempat ngaronda teh tempatna gigireun pisan kebon Cina. Jam 11 peuting,  pak Didi jeung Pak Rahmat keur ngobrol dibaturan ku roko, kopi hideung, jeung bala-bala gehu. Keur ngeunah-ngeunahna ngobrol, ditangkal caringin jol aya anu ngagupayan jeung sura seuri kos sora kunti di film-film horor. Pak Rahmat jeung pak Didi langsung ngajenghak ngadenge sora kunti bari ngagupayan kamanehanana. Saking ku soakna, pak Didi langsung ngorejat nangkeup pak Rahmat. Pak Rahmat anu gede kawani langsung nyampeurkeun eta tangkal Caringin. Pas di sampeurkeun eta kunti ku pak Rahmat kunti eta beuki ngahajakeun seuseurian ngagoda pak rahmat bari ngagupayan kaleuleuwihan.  Saking ku aralna eta pak Rahmat,  Pak Rahmat metot jubah siKunti nepi ka labuhna eta kunti ngagudubrag ngagepluk kahamdap. Pas ninggali eta, pak Didi kalah murungkut make sarung nempokeun pak Rahmat. Pas di  tempo-tempo eta kuntiteh,  pak Rahmat asa wawuheun,  disidik-sidik tiluhur nepikeun kahandap.  Ari pek eta kunti teh nyaeta ceu Eulis. Ceu Eulis teh nyaeta nugelo di kampungna anu pagaweana ngagoda lalaki anu umurna keur meujeuhna disebut om om.
    Saprak harita, kampung Sukamarni teh aman deui, geus leungi nu ngarana mitos kunti, jurig, wewe gombel, jeung nu sejena.  Diakhir carita,  eta ceu Eulis di amankeun ku pak RT jang di warahan saeutik-saeutik.  Ayeuna Ceu Eulis tos jantes istri anu muslimah, tos dijilbab sanajan kalakuanamah gelo keneh.